Surat Ti Nini
Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran
bingung
Si Nini ngadeukeutan salah sahiji loket.
Patugas : Aya nu tiasa di bantos Ni?
Nini : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya
parangkona?
Patugas : Aya atuh Ni piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon
deui?
Nini : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop!
Patugas : Mangga Ni ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui?
Nini : Aya Cep, cing pangnuliskeun suratna sakalian!
Terus we petugas teh nulis surat nu sakitu panjangna di dikte ku Si Nini.
Geus anggeus nya dibikeun ka Si Nini supaya di aos heula.
Patugas : Mangga di aos heula Ni!
Nini : Punteun Cep tambahan saeutik deui dihandapna, N.B. Incu hampura
Nini upama tulisanana butut!
Patugas : Eh, ari si Nini ....!